Aya saurang guru anyar pangawakana rada bahenol, sebut weh ngaranna bu oneng . Manehana karak pertama kali ngajar barudak sakola SD.
Saencana manehna ngajar budak TK di desa sabelah, tapi di pecat ku lantaran lamun nga-gambar tara bener. Oh nya, manehna oge dagang cilok karet sagala pikeun gawe sampingan di imahna.
Nah, dina hiji dinten di papan tulis bu guru coba nyieun gambar buah apel, bari ngabalikeun awakna anu lumayan rada bahenol eta, teras bu guru oneng nanyakeun ka barudak: "Cing sebutkeun gambar naon ari iye teh bararudak?"
Barudak cararicing sakedeng merhatikeun hela gambarna anu rada acak-acakan. Tos eta, sarentak barudak ngajawab "Gambar bo-ol meren bu..!" Ngadenge jawaban ti barudak anu rada polos, teras wae bu guru ngarasa sedih, ngarasa dipoyokan, ceurik kawas ngarasa di ejek.
Bari ceurik bu guru lumpat ka ruangan kapala sakola ngalaporkeun kalakuan murid-muridna. Ningali bu guru anu bari ceurik, tangtu wae kapala sakola langsung indit nyamperkeun ka kelas, teu poho manehna bari nyandak panggebug.
Bari emosi sabari nakolkeun panggebug ka meja, kapala sakola nyararekan sakabeh murid-murid anu aya diruang kelas eta. "Maneh wani-wanina ngejek bu guru! Naon anu maneh lakukeun teh, ngomong teu sopan! Ngejek-ngejek guru..!"
*PLONG* weh ruangan kelas jadi ngadadak jempling, sepi, kawas kuburan nu aya di leuweng. Bararudak ngaharuleng murungkut sieunen ku sabab ambekna kapala sakola nu nyandak panggebug.
Pa kapala sakola bari molotot ningalikeun bararudak, teras ngaliek ka arah papan tulis, manehna makin rewas deui pas ningali aya gambar dina papan tulis:
"Aduh-aduh.. Ari maraneh teng-teingan pisan dak, mani wani pisan ngagambar bo-ol sagala dina papan tulis, KETERLALUAN..!!!" Prak..! bari nakol panggebug deui ka bangku.
Mainkan Sportsbook Kapanpun dan Dimanapun
BalasHapusRasakan Pengalaman Taruhan Online Bersama Bandar Terpercaya
Bolavita Bandar Taruhan Online Terlengkap Di Asia
Daftar Dan Dapatkan Bonus Setiap Hari
Mari Kunjungin Segera Website kami :
www(titik)bolavita(titik)vip
www(titik)sateayam(titik)club
www(titik)pokervita(titik)live
Info Lebih Lanjut Bisa Hub kami Di :
Live Chat Online 24 JAM NONSTOP !!!
WA : +628122222995
Pin BBM : BOLAVITA / D8C363CA (NEW)